Fikminsunda adalah sebuah genre penulisan cerita fiksi sangat singkat (maksimal 150 kata) berbahasa sunda, selamat menikmati.
UCING BULU HIRIS.
Keur anteng ngahuap, karasa dina juru panon mang Uca asa aya nu ningalikeun. Antepkeun wè ah, tuluy ngahuap deui, jongjon. “Ehm” sora ngadèhèm ngabarubahkeun rarasaan. Langsung ngalieuk ka tempat asalna sora.
Gebeg tèh, aya ucing bulu hiris keur melongkeun. Panonna burahay semu ngancem. “Bener kitu èta ucing nu ngadèhèm tadi?” Gerentesna dina jero hatè.
Hus hus kaditu!… leungeun kènca ngagupay, sina nyingkah.
Tapi ucing bulu hiris nagen, kalah ka molotot teu ngiceup.

Ningali ucing begang ngangkrang, asa teu sopan. Langsung dideukeutan, suku katuhu ngahiuk rèk najong kekemplongna.
Can gè suku tepi, ucing tèh calangap bari ngagorowok, “Ulah galak kitu lur, pan sarua kalakuan urang tèh”
Suku nu rèk dipakè najong jadi heuras, kitu ogè sakujur awak teu bisa ojah. Olohok mata simeuteun ningali ucing ngomong.
“Engkè deui ulah sok ngabudi aing, jujur wè kumaha ilaharna” Ucing bulu hiris mapatahan. Mang Uca tungkul, rumasa. (AKW).
“Ucing jeung Manusa”…. sami sami hobby ” Ngabudi Ucing “… he he…
LikeLike
He…he…he….
😁😁😁
LikeLike
Mang Uca…mang uca…!!!
Sunda buhun bingit…!!!
Najong kekemplongana hartosna?……
Ngabudi aing hartosna?….
Budak milenial ayeunamah…can tangtu ngarti carita di luhur..
Sim kuring salaku kolotnial oge..ngarti ngan ukur samenel…..
Lila2 basa sunda teh lamun teu dimumule ku urang sunda sorangan..bakal sirna…ninggang kana paribasa : Jati kasilih ku junti(budak ayeunamah leuwih resep drama korea,batan maca majalah mangle…he.he.he….)
LikeLiked by 1 person
Kopdarat we kang denyud, kin urang adurenyom
LikeLike
Abdi mah ngartos sanaos Sunda Buhun oge Den Yud😄👍
LikeLiked by 1 person
Bundamah salut….eh punten bu karo…akulturasi sunda bali…tapi meni payus pisan sundana…mantapbs
LikeLiked by 1 person
Ruarbiasaa….
LikeLike
Pasti atuh, khan ibu sunda mukimin…
LikeLiked by 1 person
euleuh eta ucing.. ucing karuhun, kade ah
LikeLiked by 2 people
Bismillah…… aman pak. Hehehe.
LikeLiked by 1 person
Dasar ucing hehehe
LikeLiked by 2 people
Meongg… meoong…
LikeLiked by 1 person