CÈK LAB – fbs

Hoyong apal kondisi, mangga di cèk.

(Sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda : fiksimini sunda – fbs)

BANUNG eh BANDUNG, akwnulis.com. Jam genep isuk-isuk geus ngajentul di laboratorium bari can barang hakan nanaon. Geuning geus loba jelema. Rèngsè daftar tuluy aya papagah ti petugasna bari dibagi nomer antri sèwang-sèwangan.

Kahiji diserot getih tina leungeun, kiih dina wadah plastik leutik bari ditungguan, pariksa thorak, beuteung diilo makè alat USG jeung dituluykeun lumpat dina treadmill bari direkam jajantung di lantèy hiji.

Pamariksaan phisik masih kudu dituluykeun di lantèy tilu, atuh beuki ripuh da kudu ngaliwatan tètècèan.

Nepa ka lantèy tilu hahéhoh, langsung dipanggil ku petugas, babarengan jeung kang Uca, sarua dipariksa.

Mangga, disiapkeun ieuna” ceuk petugas bari ngacungkeun curuk katuhu, leungeun kèncana nyekel pancapit keur ngukur saturasi oksigèn.

Uing rikat mikeun curuk leungeun katuhu, ari Kang Uca mah morosotkeun calana.

Ari bapa nanaonan èta diporosotkeun?” Petugas morongos.

Kang Uca baringung bari haruhah hahèhoh, tungkul bari nembalan, “Hampura nyi, sugan tèh ieu nu kudu di capit tèh.”

Petugas kèom, Kang Uca èra parada. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

15 thoughts on “CÈK LAB – fbs”

  1. Kang uca….kang uca…
    Meni parno bin viktor ari diperiksa ku si nyai mah….ha.ha.ha…dasar ada ada aja anda mah, asa hayang ngabarakatak lama ama bapak..ngarah mastaka gampang…paha menjangan dan tak tak rada datar….bagja..bagja…bakal ka sawarga bapak dan sadaya…hamdalah…..

    Liked by 1 person

  2. Hi.hi..hi…My Mom urang sunda harus paham bhs sunda donk…!!!meski wong cerbon…heu.heu…
    Belajar ka Bapak yg punya Blog ini…jago nulis n jago bhs sundana…pisss ah!!!Pak Haji.

    Liked by 1 person

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: