
Fikmin # TEU PIRA #
*)Sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda, terinspirasi dari rasa sakit yang begitu menyiksa.
TEU PIRA (TIDAK SEBERAPA)
Teu pira da ngan saukur, tapi geuning geus karasa nyayautan mah teu bisa ditulung batur.
Teu pira kabeuki tèh ngaheumheum sangu, karasa amis disela huntu. Unggal poè nu aya di pawon ukur sangu jeung uyah beuleum. Teu ngarasula nampi kana qodarna, sawarèh di dahar sèsana dibaheum.
Teu pira tadi beurang aya kurubuk dina beuteung, pas inget boga kèrèwèd pamèrè juragan lebè. Buru-buru dibersihan, diteukteukan laleutik, digalokeun jeung cèngèk ogè sèsa uyah beuleum.
Teu pira dikosrang kosrèng nyieun sangu gorèng, seungit kacida matak bangir irung pèsèk. Pinikmateun geus aya dina tikoro, dahar ngeunah lain kokoro.
Teu pira, karèk gè tilu huap. Aya gajih kèrèwèd asup kana liang huntu nu geus lila mèlènģè. Jeduddd…… aduuuuh anjrit, baham calangap, panon cirambay.
Teu pira ukur nyeri huntu, tapi geuning bisa ngeureunkeun waktu, ngahuleng jiga bueuk dibabuk batu, geus teu kapikir deui nyatu, nu penting mah geura cageur teu judad jedud kawas gunung bitu. (AKW).
***
Hehehehe cenud cenud atuh pa.. sing sabar, ikhlaskeun pa mugia cepet sembuh lan aya ubar na..
LikeLiked by 1 person
Ikhlas ridho keur korban meŕdeka….
LikeLike
Waduuh…nyeri waos mah…
Rariweuh seisi rumah pak…he…kiyeu salah kiyeu salah…
Pusing seisi rumah….😁😂😂😂
Yah…malah curhat…heu..heu…
LikeLiked by 1 person
Nuhun bu, saya tulis ini… inspirasinya dari ibu hehehehe… mugi2 caroge enggal damang.
LikeLike
Makan Obat Konstan Pak..
Inshaallah mugia damang..teh cenat cenut deui.aamiin
LikeLiked by 1 person
Insyaalloh nyerina konstan pak heuheuheu…
LikeLike
#PONSTAN
LikeLiked by 1 person
Kade ulah pornstar… ups
LikeLike
“Teu pira”….. ihh… teu kenging “nyapirakeun “..ahh… mamala biasana timbul tina hal ” teu pira..” … he he
LikeLiked by 1 person
Teu kenging nyapirakeun nu anggap urusan alit…. nuhun apih
LikeLike