Sono Pisan – fbs

Teu kiat nandangannana..

Photo : Jikalau ilustrasi ini tidak sesuai dengan cerita, mohon abaikan / dokpri.

Fbs : fiksimini basa sunda, seratan fiksi (rèkaan) dina basa sunda. Sanès kisah nyata, mung ngarang wè kaditu kadieu.

Fiksimini basa sunda, tulisan fiksi (karangan belaka) ditulis dengan bahasa sunda. Bukan kisah nyata, hanya mengarang tulisan kesana kemari (AKW).

# SONO PISAN #

Teu acan lami tepang sareng salira tapi naha bet hoyong patepang deui, meuni kacida. Èmutan marojèngja, antawis hoyong tepang sareng kasieun. Sieun dina panampiannana ngaraheutkeun manah balarèa. Sanaos anggang ku waktos, tapi geuning jamparing kapanasaran mah teu tiasa dipungpang, ngabelesur meulah jaman.

Akang kunaon huleng jentul waè?” Soanten halimpu bèbènè nu didieu ngagareuwahkeun pikir. Rikat wangwangan salira dibuntel ku imut ngirut, “Teu aya nanaon geulis, kumaha kumaha?”

“Hawatos wè pèdah titatadi ningal Akang huleng jentul, bilih Nèng gaduh kalepatan”

“Teu pisan-pisan geulis, biasa waè, ngèmutan padamelan”

Nu geulis nyarandè. Salajengna kaleresan tos manjing adzan magrib, tiasa buka shaum sareng nu geulis, boh buka saum tuang leueut ogè nu sanèsna.

Tèèt.. tèèt, hapè ngagibrig, aya whatsapp lebet, lalaunan diaos, ‘Pah dimana? Cios ngalembur deui?’

Sakilat hapè dibalikkeun, nangkub. Indung peuting mencrong geregeteun.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

8 thoughts on “Sono Pisan – fbs”

  1. Nu geulis nyarandè. ……….., boh buka saum tuang leueut ogè nu sanèsna…..Tèèt.. tèèt, hapè ngagibrig, aya whatsapp lebet, lalaunan diaos, ‘Pah dimana? Cios ngalembur deui?’……. Kantenan Bun, ieu nuju pameng ” miting” … he .. he

    Liked by 1 person

Leave a comment