
CIMAHI, akwnulis.com. Poè ka opat bulan romadon, geuningan kudu ngilu gempungan di kantor. Padahal geus puguh aya panyarèk ti pamarèntah pikeun ngajedog berjamaah di imah.
Tapi geuning, keur pagawè nagri mah aya pasal, ‘lamun di butuhkeun, bisa dipanggil sawaktu-waktu‘. Jadi dina jam gawè, sanajan di imah bari meuweuh ku tugas jeung gempungan onlèn makè aplikasi ‘zum’, ogè kudu rancingeus mun di panggil atawa di titah ngadadak ku dunungan.
Gura giru muru ka kantor, pas tepi langsung asup lift muru ka lantey 12, tempat gempungan.
Rohangan rapat geus di sèt, korsi paanggang 2 mèteran, jandèla dibarukaan, kaambeu bau taeun, èh disinfèktan.
Gempungan mimitina mah lancar, ngan nincak menit ka 20, Haji Uton ngalenggerek bari kawas nu eungap. “Astagfiruloooooh..” kabèh paburisat lalumpatan, lain nulungan.
Langsung kontak ka petugas kesèhatan, teu kudu lila, datang nu marakè APD, nulungan nu kapiuhan, biur ka IGD rumah sakit.
Gempungan bubar, kabèh hariwang, sieun kumaonam.
Sajam ti harita, aya bèja. Haji Uton lain kasarad korona, tapi kapiuhan ku panyakit sèjèn nyaeta virus basusa (bau sungut puasa) kakekeb masker, cag. (AKW).
***
Catatan :
fbs : Fiksimini basa sunda, tulisan fiksi singkat dalam bahasa sunda, maksimal 150 kata.
Corona + Puasa… Hikmah nu kapirang ageung … tepa salira di bumi… ngahening raga tur jiwa…ngadeukeut keun diri ka Nu Maha Kawasa…. wilujeng Ramadan ki Dulur.
LikeLiked by 1 person
Hatur nuhun Apih Pangersa…
LikeLike
Mudah2n urang sadayana ditangtayungan Gusti..Aamiin
LikeLiked by 1 person
Amiin Yaa robbal alamiin… nuhun Kang Suhe.
LikeLike
Aamiin…mudah2an diselamatkeun tinu wabah korona….dan semoga korona segera berlalu….
Sae pak bos sundhana…
👍👍😁🙏
LikeLiked by 1 person
Hatur nuhun bu… cemunguut, besok kita beres2 reruntuhan
LikeLike
Gusti eta pa Haji Uton nyingsieunan, suganteh bau anu puasamah bau syurga ari pekteh dugi ka kapiuhan kitu…. zaman COVID sareng Sasih Romadhon mainset jalmi ningan cenderung ka si Corona nu lebih condong heuuuu
LikeLiked by 1 person
Muhunnn…. full cocobi
LikeLike