FIKMIN # SURABI #
Surabi geulis ngèntèp dina piring, ngantosan diraosan. Aya nu dioncoman, aya ogè ditambih sarundèng, èta geuning parudan kalapa nu digorèng garing, raos pisan. Aya ogè surabi endog hayam, ngagabung oncom sarundèng, janten munu’u sagala aya.
“Mana aya surabi polosna?”
Tatag diwaler, “Teu aya mang, nu polos tèh janten barang antik, rata-rata parantos gaduh kapentingan”
Nu naros imut sanaos manahna jamedud, asa teu nyambung tapi leres.
Surabi dina piring kantun dongèngna, margi teu kedah ètangan jam-jaman, cekap ku 30 menit, korèdas kantun piringna. Raos kantun dilebetkeun kana baham sèwang-sèwangan tur haratis, benten pisan waktos ngagaleuhna. Ti ngawitan masker, sarung panangan, teu hilap nyandak hand sanitizer ogè sabun cair mènèl.
Ka tukang dagangna pesen heula kana whatsapss, saparantos di waler nembè nyandak. Dugi ka tempat icalan teu wantun caket, nampi bungkusan surabi nganggo sarung tangan tur mayarna ngalangkungan transfer atanapi ovo tur gopay.
Surabi kiwari tos teu polos deui.(AKW).
****
Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda yang dikenal dengan fbs (fiksimini basa sunda).
Bercerita tentang makanan asli priangan yang rasanya nikmat luar biasa, mengenyangkan dan meng-enak-kan. Hatur nuhun.
-Tayang di FB/fiksiminisunda 290320-
“Teu aya mang, nu polos tèh janten barang antik, rata-rata parantos gaduh kapentingan”…. Kang.. Jaman kiwari pami hoyong nagaraos ” Polos”… Mung Aya di tatanan murid PAUD & TK….. Tuang Putri ” Binar “… contona.. He .. he
LikeLike
hahaha, edun.. kabayang malah kaimpen-impen, anu polos meni teungteuingeun nya…
LikeLiked by 1 person
Sumuhun pak, ayeuna mah seueur teuing variasi. Padahal nu polos nu jujur mah…
LikeLike
Fiksi Mini dibarung ku siloka.. Ngan karunya kanu naros jigana ngaruy boyong nu polos dugika jamedud diheureuyan ge.
LikeLike