GARUT, akwnulis.com. Lungsur ti lantai 18 muru ka lobby mung sakolépat da numpak lift nu canggih. Saatos panto lift muka, teras muru ka resepsionis, badé nyanggakeun konci kamar.
“Barang-barang di kamar parantos kosong pak?” Padamel hotél naros.
“Teu acan Kang, sakedap urang bérésan” Gura-giru muru ka kamar deui, sakumaha pituduh ti petugas hotel, ulah aya nu kakantun di kamar, kedah kosong saurna.
Uah uih 3 kali ti basement ka lantai 18 karaos pisan rada répot, padahal teu nganggo tangga darurat tapi kana lift canggih téa. Alhamdulillah teu aya barang-barang di kamar nu kakantun, diakut sapuratina, metet minuhan mobil éspas kameumeut.
Saatos réngsé sadayana, nepangan deui ka petugas hotel di resepsionis, nyanggakeun konci kamar sakantenan wawartos wiréhna kamar parantos kosong teu aya anu kakantun. Ayeuna tiasa kaluar hotél muru ka lembur nu énjing pagéto janten ibur.
3 dinten ti harita, pulisi nepangan ka bumi, naroskeun korsi, kasur, AC sareng tivi nu dicandak kamari. (AKW).
Kacida teuinh atuh mani sagala diringkid jiga nupindahan he he
LikeLiked by 1 person
Da saur resepsionisna kitu beh, janten tumut we.
LikeLike
eta barang kaangkut sadaya dina espas kameumeut ???? heee…
LikeLiked by 1 person
Lebettt… da espass ajaib hehehehe
LikeLike