Sampulurna awak dibarung ku seungit nu ngadalingding. Tingborélak matak soca manteng teu tiasa ngiceup da anjeucleu dina kongkolak.
Lalaunan dicepeng, geuning anteng, janten rada wantun. Kulit panangan paantel sareng nu ngabolékak, muringkak, atoh teu aya papadana. ramo-ramo mapay, samentawis pangambung tos teu kiat ku kabita ngambeu seungit nu ngahudangkeun rasa.
Supados adil tur walatra, sateuacan langkung jero ramo mapay dugi kana mamarasna, nu cureuleuk téh ditimbang heula, margi kedah leres hampang abotna dina enggoning nguar katresna maheutkeun jangji pasini nu ngagalura dina dada.
Saatos sadayana sapagodos, teu seueur saur, waktosna pikeun meupeuskeun katugenah. Carana nyaéta teras ditinyuh ku cai suci nu ngagolak. Ngawitan sakeclak dua keclak, salajengna kempel janten ngawujud hiji gurilap.
Endahna dunya diwakilan ku anjeuna, sanaos poék tapi legit dina rasana. Teu kedah peryogi mamanis, kumargi dina pait peuheurna ieu kanyataan, saleresna aya amisna prinsip-prinsip kahirupan. Wilujeng nyuruput kopi lur, cag. (AKW).
***
Manawi teh nu ngaboleklak teh naon, emh….sihoreng “si hitam manis”😆
LikeLiked by 1 person
Moal tebih bu… kopi si hitam maniees
LikeLike