CANGKEUL – fbs

Edisi menulis singkat berbahasa daerah dulu…

Fikmin # Cangkeul #

Bincurang ngeluk nangkeup harigu, bitis tungkul bari mapay jalur urat varisés. Paduduaan teu lemek teu nyarék. Pabeulit jeung pikiran séwang-sewangan, samutut bin baketut.

Geuning padeukeut lain hartina sapamadegan, tapi bisa waé tojaiyah béda kahayang bénten tujuan.

Bitis luis teu jadi jaminan bakal ngabalad jeung bincurang. Bitis gomplok ukur jadi panyumputan kutu kuar jeung babaturan.

Sanajan dina mangsana kudu leumpang, bitis jeung bincurang kapaksa layeut pakaléng-kaléng. Tapi beungeut teu bisa disumput salindung, haseum alah batan kopi ucing.

Sanajan kitu, ari mangsana rohmat Illahi geus datang ngajorag bumi, cunduk waktu nu geus tangtu teu loba carita duanana jempé, bari mimiti imut sanajan rada karijut.

Teu pira, pédah bincurang jeung bitis sarua ujug-ujug nandangan panyakit cangkeul nu teu bisa dicageurkeun saharita, jigana panyakit lével déwa, antukna daék teu daék kudu silih pencétan bari mimiti muka carita.

Babarengan maca jangjawokan du’a. Biwir samutut leungit saharita, diganti séréngéh baham mersihkeun dosa. Tungtungna dipungkas silih balédog carita, nu dilimpudan ku niat silih hampura, cag. (AKW).