
Nongtoréng kénéh soanten Ua ajengan, “Cing atuh Jang, ari érék diajar ngaji téh sing balég, lain kalah ka jugar kawas kuda leupas ti gedogan!!!”
Uing tungkul bari unggut-unggutan rumasa, lalaunan rada cengkat saeutik nempokeun beungeut hanjakal, “Hapunten abdi Ua.”
“Heug di hampura ku Ua, sing bageur hidep téh”
Uing tungkul carinakdak.
***
Kaluar ti masigit, rurusuhan muru ka kobong. Buntelan kampuh dina luhureun palupuh dibuka, bray caang. Panon katuhu dideukeutkeun kana kamera leutik, layarna langsung caang, akses katampi.
Maké curuk ditoél-toél, aya lampu leutik nyorot kana palupuh, hiji gambar panto. Teu diengkékeun deui, gajleng kana éta panto, tulakna dibuka.
Brak!!!
“Aduuh Abah ngareureuwas, geuning aya di kamar, ti tatadi mimilarian” Si bungsu nyarios bari rénghap ranjug.
“Hapunten kasép, tadi abah nyandak ieu, nu dipundut ku salira”
“Hatur nuhun pisan Abah” Si Bungsu ajrag-ajragan bari ngeukeuweuk kitab sapinah urut. Atoh amarwatasuta, éta pisan kahayangna.
***
Fbs : Fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan cerita fiksi singkat, maksimal 150 kata dan sudah membangun sebuah cerita.