
Fikmin # Longsong #
Tengah peuting panon beunta haté langsung marojéngja. Aya longkéwang ngagurawil dina dada.
“Nuju naon salira?” pertarosan nu tos yakin moal kénging waleran saharita.
Teu loba carita, koléséd turun ti enggon. Leumpang lalaunan nincak palupuh nu mimiti pasiksak, muru katukang.
Kulutrak mukakeun tulak, gebeg!! “Kamana pacilingan?, naha ngilang euweuh di tempatna?”
Ukur simpé nu ngawaler bari dareuda, éta ogé sora hiliwir hinis dipairan turaés nu kapeutingan. Nalangsa.
Beuteung ngusial geus teu bisa ditahan, tungtungna mah. Jrut turun, leumpang saeutik dina galengan, cingogo.
Brut!
Brooot!!
Longsong saharita bungah amarwatasuta. Pangbeubeurat geus tamplok jadi bérak keur kahirupan satuluyna.

Balik ka enggon aya rasa bagja, narik kampuh keur nuluykeun ngimpi nu tadi can nepi kana tungtungna.
Isukna salembur guyur sa désa suka bungah, sawah nu garing ngadadak héjo pinuh ku pibéaseun, cai curcor ti ditu ti deui. Déwi Sri jigrah boga tanaga. Kabéh bagja, sanajan sakapeung aya seungit nu matak éra parada. (AKW).
Hahaha… Berkah membawa nikmat oge pupuk hijau
LikeLiked by 1 person
Everybody happy Sir, thank you for your comment.
LikeLike