Jikan anyar – fbs

Carita fiksi lenyepaneun…

*)fikmin : fiksimini, sebuah genre penulisan fiksi singkat berbahasa sunda.

Fikmin # Jikan Anyar #

Haté guligah nyanghareupan isukan, wegah tapi panasaran.

“Kumaha Mang, geus siap lahir bathin?” Mang Badri nanya.

“Nyaéta mang, lahir mah geus sayagi ngan bathin masih palaur, can panceg”

“Maksadna kumaha?”

Uing ngadeukeutan Mang Badri, tuluy ngaharéwos. Mang Badri seuri tuluy unggut-unggutan.

“Engké dibéré ubarna ku amang” kitu ceunah, bari nepakan tonggong.

***

Alhamdulillah akad nikah tur walimahan lancar teu aya halangan harungan. Aya kétang sautak saetik urusan kurang lalawuh jeung pahili bésék.

Peutingna nu hariwang, sieun teu nyugemakeun. Maklum ari calon jikan parawan tingting belekesentreng, ari Uing mah durian, duda ripuh anjrxxt. “Duh sieun teu mampuh.”

“Hayu atuh Kang…” Soanten halimpu dina puhu ceuli, dilieuk téh jikan tos polos sapuratina.

Bati olohok wé teu ngiceup-ngiceup, ningal pinareup nu matak sieup. Deg!.. bumi alam oyag, geutih dina awak ngadadak lancar ngagolak. Gabrug… les poèk.

Bulan madu di rumah sakit, dibaturan mesin EKG jeung jikan anyar. Duh.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: