Bulao Bodas – fbs

Niat jeung tindakan nu ditungtungan ku hanjelu.

CIBOGO, akwnulis.com. Keur anteng nyuruput kopi, karasa mentegeg deui. Inget Si Kucrit, love bird bulao bodas nu geus teuing aya dimana, teu karasa panon beueus haté rakacak.

“Atos Akang, ulah diémutan waé, khan urang gaduh langkungna tilu juta” Sora jikan nu halimpu, beuki ngagejtrétkeun rumasa, ngagulidagkeun cimata, keuheul amarwatasuta. Ngan teu wasa.

“Bilih aya deui, love bird nu siga kamari, engké dibantos dipangicalkeun deui ku Mamah”

“Sumuhun Mah” waléran sopan bari unggeuk lalaunan. Padahal kakeuheul geus numpuk dina ubun-ubun, tapi tetep kudu sabar bin soléh.

Kabayang deui love bird bulao bodas, si Jawara kontés. Ditebak dina lélang tujuhlas juta, “Investasi ieu mah” kitu gerentes haté, bari ngajingjing mawa balik ka imah.

Ngan bisa kumaonam Jikan, diakukeun wé meunang meuli dua juta, bisi ngamuk. Téhaér can aya, ari manuk mahal dibeuli.

Ari pék téh….

Ayeuna tinggal carita, love bird ngilang, duit ngoléang. Raga nyangsaya dina tihang. Hanjakal. (AKW).

***

fbs : cerita fiksi singkat berbahasa sunda.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

4 thoughts on “Bulao Bodas – fbs”

  1. True story ato fiksi si bulao bodas teh?
    Hanjakal tara tiheula
    Kaduhung tara titungtung
    Niat raga bakal aya pakaya(17 jy)
    Nyatana kuciwa ngundang cimata

    Like

Leave a comment