ALAK PAUL, Ngajémprak dina samak ngurilingan rangginang jeung opak. Aya ogé Ma Nini nu geus pikun, nu lian émok tapi ieu mah ngadon ngadangkak.
Balakécrakan bari ocon, nyocolan peda beureum maké sangu tutug kurupuk jeung liwet kastrol, teu poho sambel dadak seuhah lata-lata pleus daun déwa ogé kulub pucuk gedang. Jéngkol jeung peuteuy mah geus nungguan dihuapkeun ti tatadi.
Sagala karungsing ngilang, bangbaluh hirup leungit. Kagantian ku kabungah bisa ngariung babarengan bari ngeusian beuteung séwang-sewangan.
Udud kéréték, bako molé jeung pahpir jagong atawa nu boga kawani gedé di sadiaan linting kucubung, kagok édan. Aya ogé udud togog nu badag enjum, eusina menyan bodas, bako, cengkéh jeung kayu manis.
“Meungpeung bisa kénéh godin” kitu ceuk Si Udut bari pelenyun kana linting kucubung. “Hayu béakkeun liwetna euy” Haji Alit mairan bari ngedukan kastrol. Nikmat pisan.
Teu hilap, kopi 3 sendok mucung ditinyuh ku cai ngagolak, matak ngahégak tur nikmat. “Tong digulaan euy, pamali”
Hatur nuhun.
Wilujeng munggah palawargi. (AKW).