Dua Kecap – fbs*)

Teu pira, tapi geuning tiasa janten matak.

Photo : Buricak burinong / doklang.

*)fbs : fiksimini basa sunda, karangan fiksi dalam bahasa sunda, fiksi pendek atau fiksi mini dengan maksimal 150 kata/kecap (-kecap- dibaca seperti membaca kata -kelapa-), tulisan singkat ini sudah membangun sebuah cerita.

*** Dua Kecap ***

Hariring peuting ngupahan haté nu keur rungsing. Sanajan dua ramo ngusapan tonggong bari jempling, angger wé haté mah rajét tur rawing.

Teu pira, ukur dua kecap nu jadi matak, kecap nu écés ngamumulkeun rasa melang jeung gudawang asa diheulang.

“Naha Aa teu aya kawantun ka Enéng?” galindeng asih soanten anjeun.

Simpé sakedapeun.

“Sieun,… Enéng” ngawaler dareuda. Kalangkang ucing candramawat mapaésan rénghap ranjugna haté, nu teu wasa nyoantenkeun rumasa. Padahal tos teu aya wates nu ngahalangan katresna.

“Sieun kunaon Aa téh?” Socana nu cureuleuk nojo pisan kana mamarasna. Hoyong tungkul sanaos panasaran ningal nyeungseung kagaduhna.

Lalaunan tungkul bari nyaketan, sakedik antel teras ngaharéwos, “Sieun nyaah”……..

Jep dua raga ngabigeu, pacampur rasa rumasa miwah kahoyong nu teu katahan pikeun dibudalkeun saharita.

Candramawat luncat bari mawa haté nu rengat, ngajauhan lalangsé peuting nu geus sayagi mayunan janari. Dua kecap nu matak hilap, hilap kana papagon ogé kana kecap tobat. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

6 thoughts on “Dua Kecap – fbs*)”

  1. Sakedik antel teras ngaharéwos, “Sieun nyaah”…….. Naha Kang… pami ” nya’ah ” … janten masalah kituuu ”
    Dasar ” Bungaok…. nuju salin rupa janten ucing candra mawat “… he he…

    Liked by 1 person

  2. Dua kecap anu kacangcang duriat…
    Asa nganjang masa bujangan nu katukang
    Waas meni nyacas..
    Nostalgia anu baheula..
    Kiwari geus pasini jeung ngahiji
    Jeung indungna barudak nu pasti..

    Liked by 1 person

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: