
GEMPOL, akwnulis.com, Pasosonten ngobrol sareng jikan, sono upami tos sadidinten ngaroris baringabérak kebon kopi di mumunggang Gunung Pangrango. Torojol Si Bungsu, tétélendénan. Langsung disanggap, dipangku. Murangkalih téh gumujeng, lucu pisan.
“Mamah dongéng” Si Bungsu nyarios, duaan papelong-pelong, reuwas. Si Bungsu nembé yuswa 2 taun tos tiasa nyarios béntés, hoyong didongengan.
“Hoyong dongéng naon geulis?”
Ngawalerna téh, “Mamah dongéng”
“Muhun, dongéng naon?”
Si Bungsu ngadon ngabeureuketeuk, ngécagkeun diri teras lumpat kaluar pangkéng muru ka ninina, bari ngagorowok, “Mamahh dongééng!”
***
Laju peuting bari gogoléran sateuacan kulem, Si Bungsu sok capétang nyarios sagala kecap sanaos apal cangkem.
“Mamah dongéng” bari nangkeup indungna.
“Saur saha mamah dongeng téh?” Kuring panasaran.
“Euuh… saurr… saur abah ka ema, upami tengah wéngi pas nuju poék”
“Ooooh…..”
Kuring sareng jikan papelong-pelong, nyéréngéh. (AKW).
*)fbs : fiksimini basa sunda : genre penulisan cerita fiksi singkat berbahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membangun 1 cerita.
gw follow nih blog tapi gak bisa komen properly
lha gak paham bahasa sunda
LikeLike
Maafkan mas, ini salah satu caraku untuk ikut lestarikan bahasa sunda…
LikeLike
Woow…kedah Kang, Saha deui nu bade ngamumule pami sanes urang urang, utamina para inohong…pados masihan conto nu sae
LikeLike
Sihoreng gambar nu pas teh Ucing nuju nguliat nya..
LikeLike
Eta abah atuh nya… Seueur ningal sinetron cigana…
LikeLike
Tahhh…numawi…ulah seu’eur teuing nanaon oge….hawatos Ka Ema…siangna parantos cape…
LikeLike