fbs*) : fiksimini basa sunda, tulisan fiksi nu paling loba 150 kecap, geus jadi hiji wangun carita.
PURWAKARTA, akwnulis.com, “Jang, wayahna. Kudu nurut, tong loba tatanya!!” Juragan Abdul tatag sasauran. Uju unggeuk bari tungkul. Gigireun kaciri Uwa Lebé beungeutna pias, ogé aya Nyi Sunarti nu keur bureuyeung bulan alaeun, nginghak.
Hiji fragmén hirup nu teu bisa dipopohokeun. Atra tur jéntré, kakawasaan boga andil nangtukeun nasib jelema cacak kuricakan nu teu walakaya.
“Abah teu kénging ngalamun waé, Umar janten sedih” dumareuda sora budak nu geus manjing sawawa, mun seug ningali Uju nu keur ngaheneng hareupeun makam. Lain ku sedih kaleungitan jikan, tapi nahan guligah rasa, nyidem rusiah salila hirup di dunya.
“Hampura Abah, hayu urang du’akeun Ema hidep, bagja di alam kalanggengan” Uju ngajak anakna, mendeko nyanghareup makam Nyi Sunarti, nu maragat nyawa basa ngaborojolkeun Umar.
“Allohummagfirlaha……” geter du’a disampeur seungit samoja. Cinitnit ngelik mapaésan rasa nu nyata. Katumbiri geusan ngajadi, silih élég jeung layung nu geus lila teu ngariung, nguyung. (AKW).