fbs*) : fiksimini basa sunda..
Numpak sepur ka puseur nagara, pangalaman munggaran nu matak kabita. Jigana satuluyna mah Bandung-Jakarta jadi jalan ka cai. Nyubuh numpak sepur kahiji, anjog di Gambir. Ngagidig leumpang mapay pager pangwates Monas, nawaetuna mah méh jagjag ogé ngirit teu olok ongkos.
Ngan hanjakal, sabot rék meuntas ngadadak kawani leungit ningali patalimarga nu matak rieut. Ngahuleng bari haté mandeg mayong.
Guligah rasa matak hemeng jeung samar pola, “Kudu kumaha?” Jumerit haté, késang tiis teu pupuguh morolok.
Tungtungna mah ngalénghoy deui ka statsion, bari haté marojéngja. “tibatan cilaka, mending balik wé maké sepur” kitu gerentes dina haté.
Anjog deui ka statsion, loba jelema keur ngagimbung. Panasaran, ngilu ngadeukeutan. Lalaunan sésélékét, untungna awak leutik, jadi bisa nyelap.
“Hayu, geura pulasara Mang, karunya” sora teteg ti pagawé statsiun.
Mardi ngajentul, ningali layon nu nyeplés pisan manèhna. (AKW).