CILEUNYI, akwnulis.com. Pipikiran ngarancabang mapay kahayang, basa kamari teu dihaja ningali borélakna bitis anjeun. Ukur sajorélat tapi matak nyeblak.
Ti harita, sabulan campleng unggal peuting ngimpi reureujeungan jeung anjeun. Keur dahar, pamenteu anjeun matak hégar. Keur solat, imut anjeun aya dina kiblat, matak ébat.
Padahal, anjeun mah boro-boro mikiran. Wawuh gé henteu, komo ka kuring, rahayat cacah kuricakan.
Bulan katilu, awak orot beungeut sepa, kari tulang jeung kulit. Tapi angger pameunteu jeung bitis anjeun napel dina kongkolak panon. Aya kereteg haté rék néang pélét maronggé sanajan kudu ngojay heula di Jatigedé. Tapi sieun pidosaeun.
Bari gagaléongan muru imah Ema jeung Abah. Hareupeun golodog bumi alam jadi poék, kapiuhan.
“Nyai, geus ulah nyiksa diri. Dahar wé sakumaha ilaharna, geus turunan bitis urang mah jiga taleus bogor. Justru syukuran masih ngabogaan bitis” Sora Ema dareuda, bari ngusapan ubun-ubun.
Uing unggeuk lalaunan, raray anjeun peuray digentos ku iklan. (AKW).
***
*) fbs : fiksimini basa sunda.