Akwnulis.com, Purwakarta. Teu pira nu jadi dareuda, teu hésé lain keur salsé. Ukur sakolépat natrat, indung suku panggih jeung batu, ngan hanjakal tarik meueusan. Antukna batu teuas népi ka bencar basa diteunggar indung suku sisi nu luar.
Sanajan kitu, indung suku ogé kudu aya cacadna. Réksak mah henteu, ngan getih kaluar ngabayabah minuhan haté nu keur teu puguh rasa. Méré tengtrem sanajan bau hangru jeung hanyir ngahiji, silih rontok silih bagéakeun, sono.
Indung suku répéh bari ngahaja diangin-angin. Sugan waé garing jeung cageur deui sakumaha mimitina. Sésa getih teu bisa leungit, natrat nétra jadi pusaka. Ciri utama aya kajadian nu matak gimir bari kudu ngakséni.
Laju ngahuleng, Indung suku ngagerendeng, “Euweuh mendingna ngalajur napsu, sanajan rasa mupuas minuhan dada ningali batur ngajongkéng. Tapi balesanna ogé sabanding”
Indung suku tungkul, peurih jeung longkèwang. Remuk suku lima buku. (AKW).
Ki sunda asli… Budak ngora mawa beja ti karuhun, yen saestuna laku anu endah teh henteu poho kana purwadaksina, ngamumule endahna titimu guru.
LikeLike
Sapuk Pak, urang jagi ageman basa, basa indung, basa sunda. Hurip.
LikeLike
Heu…heu… Urang candak hikmahna nya
LikeLike
Masooook pa Camat…
LikeLike