Arabica Cangcuta versi 2.0

Dongéng kumplit asal muasal kopi Arabica Cangcuta.

Akwnulis.com. Anjog ka golodog kantorna, karasa ting sariak bulu punduk, “Euleuh jigana loba hodam di dieu mah lur”
“Ulah suudon waé Mang, éta mah salatri can panggih udud jeung cikopi” Udin mairan, Uing seuri koneng.

“Bapa kantun naék tétécéan, teras aya panto kadua, eta ruang Pa Hamdani.” Waleran écés ti neng resepsionis.

Karék gé rék keketrok, Hamdani geus ngabedega, “Wilujeng sumping Amang, hayu kalebet”

Tiluan ngiclik muru rohangan agreng, tempat gawé Jang Hamdani. Kapi alo nu jadi Péjabat di Bandung Raya.

“Ieu Amang leueuteun tas sayogi mangga diraosan. Abdi widi ngadamel heula kopi spesial kanggé Amang”
“Kayungyun pisan kasép, nuhun” Uing ngawaler bari tuluy cacamuilan. Bala-bala, géhu jeung leupeut pabeulit dina tikoro.

Teu nepi 10 menit, kopi asli ti Ciwidey geus dibawa ku Jang Hamdani, ditanggeuy sorangan. “Mangga diraosan Mang, kopi Arabica Ciwidey!”

“Cing urang cobian”
Ceg…
Suruput..

“Deuh nikmat pisan Jang, Bodina hampang, seungitna aya jeung nu écés mah haseum rasa buahna karasa, haseum pisan tapi nikmat, ieu nganggé kalita atanapi vi-sixti?”

“Nganggé vi-sixti Mang” Jang Hamdani ngawaler rada teu yakin. Ceuli jadi rebing, rada curiga.

Kopi disuruput ogé leueuteun nu aya bari nyarita salangbéntor. Bagja boga dulur jeneng, ngan urusan kopi mah rumasa masih panasaran.

“Jang, Amang ngiring ka jamban nya, palih mana?”
“Itu diluar Mang, mangga dijajap”
“Ih teu kedah, Amang tiasa keneh nyalira” Uing cengkat kaluar panto rohangan.

Réngsé kahampangan, ngahaja ngaliwat ka dapur. “Parunten, nuju ngaropi yeuh”
“Sumuuuhun pa!” Waleran réang dua pagawé nu keur ninyuh kopi maké saringan”
“Punten dupi tadi Pa Kepala, Bapa Hamdani ninyuh nganggé saringan ieu?” Uing panasaran.
“Sumuhun pa, anjeuna mah sok ninyuh nyalira upami kanggo tamu téh!”

“Oh muhun, hatur nuhun, mangga dikantun” Uing amitan balik deui ka rohangan Alo Hamdani.

***

“Jang Hamdani, nuhun pisan. Amang reueus boga alo jeneng ogé handap asor. Tuluy mangninyuhkeun kopi ku sorangan, mugi majeng salawasna, Amang amitannya rék tuluy ka Pasar Baru!”
“Sumuhun wilujeng Amang, hapunten bilih panampianna merenah”

Uing jeung Udin amitan, saacanna papisah, ngaharewos heula kana ceuli Jang Ramdani, “Engké deui ulah ngabohong ninyuh kopi maké vi-sixti, ari kanyataanna ditinyuh maké cangcut urut”

Uing seuri nempo beungeut Jang Hamdani pias tuluy tungkul, “Hampura abdi Amang”

“Kalem wé Jang, tong jadi pikiran. Heureuy éta mah, tapi da cocok pisan rasa haseum kopi Ciwidey jeung ngabayangkeun rasa cangcut urut heu heu heu”

Jang Hamdani tungtungna seuri konéng, tapi jangji dina haté rék diajar ninyuh kopi maké aturan nu sabenerna. Cag.

————

Disclaimer : Mohon maaf jika ada kesamaan nama, tempat dan jalinan cerita. Ini hanya bahasa fiksi dari penulis saja.