Ngarindat hanjat nyingkahan solokan saat. Muru tegalan nu masih diriung ku jukut riut, hayang murungkut. Padahal langit nu éndah geus sadrah narima nu pasrah sumerah, nampi papastén kusabab éléh jajatén.
Mimiti mah ngabedega teu gimir ningali sasaha. Awak perténtang biwir capétang. Cadu mundur euweuh kasieun. Beurang ngahérang, peuting begadang.
Kabéh gimir teu sirikna malinggir, mun Uing geus ngajegir. Komo pas hohoak, guyub nyingkir bari saroak.
Tapi tisaprak ningali Salira, ilang tanaga taya pangawasa. Salira nunggeulis, tapi matak gimir tur inggis.
Salira teu seueur carita, ngajanteng bari ngagateng. Tapi aura kanyaah matak teu bisa ojah. Seungitna rasa nyambuang maratan jagad kahirupan. Ngalunturkeun kawani jeung bérégégéh jadi nyamuni tuluy uah aéh.
Ngan hanjakal pisan. Geuning Salira teu bisa dipikanyaah. Ukur bisa ditempo bari cumalimba. Sabab Salira téh wujud kalangkang nu dikalimbeng pager kakawasaan Si Raja Beurang.