Pepedut masih ngaladud basa Uing teu pupuguh hayang udud. Ragamang ramo mapay galar, néangan puntung samsu sésa kamari
Cep! Ramo geus nyekel pageuh puntung. Culang-cileung can manggih panékér, padahal geus aya tempatnya, dina juru galar deukeut jandéla, nyempod.
Suwung.
Teu loba pikiran, cengkat tuluy ka dapur. Geuning teu manggih, atuh kapaksa élmu pamungkas. Puntung dina biwir tuluy ngadeukeutan hawu. Lalaunan.
Puuh..
Puuh..
Seuneu tina hawu ngaléntab kana beungeut. Puntung hurung, kenyooot.
Halis, janggot, godég jeung kumis ngilu béak da karérab. Sakabéh bulu tutung géhéng, tuluy muruluk. Uing nyenggé bari meakeun puntung, nikmat pisan.
Hawu nempokeun bari geregeteun, hayang ngarérab sakabéh bulu dina awak Uing, méh lantis jeung beresih ceunah.
Uing nyingkah muru ka pangkèng, nyabakan galar. Alhamdulillah meunang deui, genep puntung, opat samsu dua jarcok. Bagja, ngudud bisa dituluykeun. Tuluy ngadeukeutan eunteung, ngeunteung. Uing ngagoak kapiuhan. (AKW).
🤠
LikeLike
Ternyata sunda pisan Pak
LikeLike