Ngajagi Duriat

Waktos nu tos tangtos ngajalankeun takdir kahirupan. ulah hilap syukur miwah tasyakur.

#FikminSunda

Lalaunan beunta, ngahérang mapay lalangit diréncangan indung peuting. Jikan, ogé Neng Ayshaluna tos garugah, tiluan papelong-pelong.

“Wilujeng janari geulis, hatur nuhun kapungkur parantos nampi duriat aa. Seja sasarengan lalayaran dina sagara rumah tangga, dugika danget ayeuna.” Haréwos nyaah sateuacan sahur, ngiatkeun harepan mageuhkeun pamaksadan.

Anjeun imut bari rada tungkul, katingal rarayna bareubeu. “Kunaon geulis?”

“Teu nanaon a, mung kapeureupeunan” soanten anteb nenangkeun manah. “Asa kagagas, émut Apa” bari rarayna cengkat teras neuteup poto Apa almarhum, mitoha nu teu kantos pajonghok.

“Ibu… inih!!”, soanten murangkalih ngasongkeun bungkusan alit, lebetna kotak hawuk. “Apa ini sayang?”
“Addd..da aja.. dari ayah”

Sakilat dibuka, ngaborélak lélépén nu mageuhkeun duriat. Nu geulis cirambay deui, lalaunan ngaharéwos bari dareuda, “Hatur nuhun aa.”

“Sami-sami geulis”

Tiluan patangkeup-tangkeup bari ngadu’a, ngarawat niat samawa di dunya sareng ahératna. (AKW)

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

3 thoughts on “Ngajagi Duriat”

  1. Alhamdulillah… geuning aa teh sakitu bageurna… bagja pisan …mugia dugi ka paketrok iteuk sasarèngan tèras… mung nyawa nu tiasa megatkeun duriatna aa sareng èneng…Insyaa Allah SAMAWA salamina…

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: