Photo : Aki nuju mapatahan Néng nini / Doklang.
#FikminSunda
Sakecap natrat sakalimah ngagurat, lambey nu janten cukang lantaran dibantos ku létah nu teu weléh ngumbar amarah. Tapi ulah hilap réhna sadaya ucap tur paripolah téh diatur ku wirahma manah nu sakapeung mah pasalia sareng uteuk nu ngutamikeun asak pikir.
Kecap ‘rujit‘ tiasa janten mamala upami diréncangan ku kecap ‘aing mah’ komo bari raray ngabalieur, beuki angot ningalikeun kaceuceubna.
“Salah sawios landong pikeun ngicalkeun rujit haté nyaéta kedah seueur syukuran kana naon waé anu aya dina kahirupan urang, ulah nungtut waé hoyong sampurna sagala rupi téh, kitu néng” Soanten leuleuy Ki Sumanta mapatahan Nini Uti nu manyun bangkenu nincak poé ka duapuluh tilu.
“Rujit aingah ngadéngéna!” Nini Uti ngagorowok tuluy ngaléos.
Ki Sumanta ngaheruk, rumasa can bisa mapatahan jikan nu baheula dipikacinta. Kecap ‘rujit‘ ngorowotan duriat. (AKW).
‘Dunya’ kiwari tos meupeuskeun kasabaran manusa, poek mongkleng alam akhirat, teu sadar manusa bakal mulang kanu Kawasa, nu kagungan ‘Dunya’ sareng eusina.
Sabar hate, sabar teu aya batasna, nikmat sabar niiskeun hate nu tagiwur….
Lenyepan urang kang rai, leres sabar teu aya batasna.
LikeLike
Kom en naon nya…teu tiasa basa na…luhur teuing…hi..hi…teu ngartos…ho…ho…
😃😃😄
Sae aki jeung nini
Pateang teang….
LikeLike
Leres pisan eta pituah dina carita
LikeLike