Fikminsunda
Nu ngilu gempungan masih campuh jeung adu rényom kahayang. Ramé patémbal-témbal dina acara GEPUPUSAÉ (Gempungan Pupuhu jeung Punakawan sa-Énonesia). Kabéh boga kahayang, kabéh boga poténsi jeung masalah séwang-séwangan. Mikropon teu sirikna lulumpatan, ujlang ajleng kaditu kadieu diparebutkeun ku nu hadir. Kertas balatak urut ngotrét pacampur jeung lalawuh nu teu béak-béak.
Keur anteng adu renyom, aya béwara, “Perhatosan.. Perhatosan…Ka sadayana nu hadir di ieu gempungan. Mugi tiasa réngsé satengah jam ti ayeuna. Margi badé di-stéril, persiapan kasumpingan Maharaja!!!”
Jep nu ngawangkong jempé, nu adu renyom balem. Husu nganggeuskeun konsép rékomendasi. Ngan nu riweuh téh barudak awéwé rumaja jeung ibu-ibu ngora nu hadir dina éta gempungan. Lalumpatan kaluar bari beungeut parias jeung morolok késang tiis.
Anggota Pampamja (pasukan pengaman maharaja) nu rék nyetéril éta patempatan panasaran, “Ceu!!, kunaon bet lalumpatan?”
“Sieun bisi ké geus kawin teu bisa reuneuh!!!”
Paspamja ngahuleng. Cag.(Akw).
Naon maksudna tah, asa lola pisan, anu teu bisa reuneuh
LikeLike
Pasti sebentar lagi akangku akan paham…
LikeLike
Pasti paham da…
LikeLike
Hahahah…..streillll karek ngeuh…punten lola pisan
LikeLike
Tah… alhamdulillah. Hatur lumayan kang.
LikeLike
Alhamdulillah Akang steril juga heu heu hej
LikeLike
Ha…ha….tiasaan…
Paspampres janten Padpamja…
Mikropon ujlang ajleng…
Top pak basa na seusah ditiru
👍👍
LikeLike
Hatur nuhun bu….
LikeLike
Sae pisan… tiasaan ngagabungkeun antawis kajantenan nyata sareng fiksi anu heureuy… gejul naker…
LikeLike
Alhamdulillah.. inspirasi darang spontan pa bos.. langsung eksekusi.
LikeLike
Eta juragan, estu motekar, endah ngareka basana. Kabita hoyong tiasa nyerat sapertos kitu….
LikeLike
Kontinyu pih…. hayu urang asah teras
LikeLike
Pampamja …😉 hehehe….aya aya wae isilah teh..😆
LikeLike
Aya atuh bu hajjah…
LikeLike
Hahahyy iya betul kang Jay..sieun di Tubektomi…
LikeLike
Tamu takuut… bereyek weh
LikeLike