*diajar deui nyerat sajak sunda.
Hariring peuting ngaguligah dina rasa
Ngaronghéap teu numbu rupa
Hiji ngimpi hayang jadi nyata
Miboga karya keur kamajuan tanah sunda.
Tanah pasundan nu urang saréréa
Aya bagja ogé waspada
Sagala nyampak pinuh mangpaat
Tapi aya sakolébat nu tacan kebat
Gunem catur teu matak ibur
Macangkrama nangtukeun pola
Ngadu élmu ngumbar jajatén
Ngawangun bandara kudu bisa
Sanés ukur mung cicaheum leuwipanjang
Tapi wangunan wedel nu langkung pirang-pirang
Pikeun patalimarga warga sa dunya
Bari numpak kapal udara
Bandara Husein tos heurin usik
Nusawiru nembé ngarintis
Kukituna…
Para inohong laju ngawangkong
Kotrat kotrét badami neang bongbolong
Dikawitan ku Gupernur Bapak Dani Setiawan
Dugika danget ayeuna, 2 periodé bapa Ahmad Heryawan
Impénan sajorélat deui janten kanyataan
Bandara agreng nu bakal mitembeyan
Kertajati ngajadi bukti
Majaléngka ngaréka mangsa
Ciayumajakuning sajatina ngadalingding
Jawa barat beuki ngaronjat
NKRI mingkin ngajadi
Patalimarga lancar antar nagara
Tanah sunda lain ukur carita
Tapi jadi jugjugan saalam dunya
Munggah haji teu tebih deui
Kantun ngajugjug ka kertajati
Muru mekah madinah di tanah suci
Neang pahala oge rido ti Gusti nu maha suci.
Écagkeun kabutuh séwang-séwangan
Silih suluran silih rojong
Ngamumulé jiwa gotong royong
Supados ngawujud naon nu dipikahoyong
Hayu urang silih rojong
Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan
Pikeun ngawujudkeun Bandara kareueus urang saréréa.
Ihtiar ukur saréat
Urang saréréa tangtos tihothat
Tapi takdir dina panàngan Allah nu Maha Kuat
Sumerah diri ka gusti unggal ngarénghap
Hatur nuhun Yaa Allah nu Maha Suci
Mugi ieu pamaksadan tiasa ngajadi Hatur nuhun kasadaya pinisepuh
Ogé para pajabat nu tawisanna masih ampuh
Hatur nuhun anu kasuhun
Hampura bilih aya kecap nu bala
Laku lampah kirang merenah
Ogé panampian nu kirang tumaninah
Pung…. ngapung ngajomantara
Ngabelesat maratan dunya
Ngalayang mapay kahayang
Mawa bagja jeung kareueus urang sunda
Boga bandara internasional kartajati
Nu jadi bukti cinta sajati
Ti Pamarentah keur rahayat ieu nagri
Pemprov Jabar mugi walagri.
‘Pung…
Pung geura ngapung
BIJB ngajomantara..
Pungggg…..’
*Hurip BIJB….* (AKW).
Moal jalir kana jangji
Insyaalloh sinareng ridho Gusti
BIJB ngapung sasih mei*)
*)Tambihan ti Teh Anita.
Unbelieveable… Mantabbbsss..!!
LikeLike
Hatur lumayan…. surpriseee
LikeLike
Alhamdulillah wasyukurillah.mugia janji rekrut org majalengka janten kenyataan, banyak pengangguran lulusan SMA/SMK…S1/S2 lulusan PTN dan PTS masih kukulintingan di bumi majalengka, nu aneh pabrik berdiri megah tapi geuning padamelna ujug ujug tos aya we bari sanes urang majalengka,piraku atuh urang majalengka mung kawaris limbahna wae ti eta pabrik pabrik
LikeLike
Leres pisan bu. Cepeng damel sadaya pihak. Pemkab mjlengka-pemprov jbr-bijb-kemenhub srg sajabana. Pemberdayaan miwah penyiapan masyarakat sabudereun bandara kedah soson-soson.
LikeLike
Alhamdulillah..
LikeLike
Allahu Akbar….
LikeLike
mugia mangpaat kanggo urang sadaya…hususna rahayat jawa barat…
LikeLike
Amiiin…. hurip BIJB
LikeLike