FikminSunda-270118
Angin peuting ngageuing rungsing, handaruan alah batan rébuan éngang. Nyuruwuk geterkeun haté ngoyagkeun angen, meulit kana rumasa ngaheumbat mamarasna.
Mapay sagara siloka, malih rupa. Ngagentraan ka balaréa pikeun tumut kana maksud taat kana pangajakna.
Photo : Diajar perang di Lembur Sade, NTB/potlang.
Mercayakeun amanat sora dina waktuna marebutkeun tahta. Sabab geuning ayeuna mah, sora Gusti téh nyaéta sing saha waé nu meunang sora pangréana.
Ki Ara nyerangkeun nu tihothat bari diuk dina béntang. Angin peuting ngadeukeutan. Ngaléndotan bari ngelél, cenah hayang disebut pikalucueun.
Leungeun Ki Ara ngusapan bari taki-taki, bisi ngajongkélat jadi angin puyuh nu teu bisa dibawa gunem catur da rumasa téréh boga kawasa.
Janari beuki simpé, angin peuting ngaléos dituturkeun wadya baladna. kukumpul tanaga keur tanding dina mangsa bulan purnama. Tilu warsih ti ayeuna pikeun marebutkeun tanah pajajaran. Ki Ara teu loba nyarita, ngaléngkah bari ngarénghap panjang. Teu lila tuluy nyarandé, capé.(AKW).
Asa mulang ka jaman sd di simpangsari campedak bayongbong garut….duhhh sono ka lembur sono ka jaman maen sondah jeung congklak
LikeLike
Urang sami2 ngamumulé basa sunda bari nyawang nu tos kasorang.. wilujeng malming bu.
LikeLike
Kataji ku Kalimah :
Rasa mokaha Boga Kawasa, hese dibawa Gunem Catur. “Arogansi”
LikeLike