Photo : Ilustrasi Tatangkalan / motlang
Mopoék ngarawu kélong, ngabigeu teu wasa melong. Éra ku rasa parada, isin ku banda teu boga. Sanajan niat mah luhur, geuning ajrih ku kapaur. Katresna ngancik pasini, teu bisa ukur ku surti. Rasa teu cukup ku ngarti, tapi kudu aya bukti. Hanjelu meupeuskeun hulu, poék haté ripuh saku.
Ihtiar muru ka dukun, meuli bikang hayam kalkun. Ceunah sarat méh mangpaat, katresna sugan ngolépat. Anjuk hutang uclak éclok, duit rénten gé dilebok. Nu penting mah jadi ginding, keur nyangreud parawan tingting.
Tapi geuning ukur sugan, implengan jeung kanyataan. Kalkun salosin téh nyamos, hutang raweuy awak hampos. Tukang rénten ngancam nyawa, tatangga ogé sarua. Prung mabur euweuh harepan, nyumput di leuweung tutupan. Nyamuni ngajadi kunti, nguatkeun élmu saépi. Nyébakeun jiwa nu rujit, nyembah sujud ka jin ifrit. Ayeuna kari hanjakal, langgeng jadi jurig tangkal. (Akw).
Catetan : Ieu fiksimini sunda nu di kotrét ku simkuring, dina raraga ngiring ngareuah-reuah saémbara FBS ahir taun.
Rumus : 8 engang, tungtung kalimah murwakanti.
Aya ku motekar eta ngarajek basana, estu ajrih ku pangarti. Leubeut elmu pulunganeunana….
LikeLike
Nuju diajar… mugi2 tiasa lancar saterasna.
LikeLike