Photo : Masjid bumi Alloh di Lombok / dokpri
Mimiti ukur ngejeletit, tuluy nyaliara. Mapay urat muru kekemplong, karasa paregel tina indung suku nepika palangkakan. Teu loba rumahuh sabab da mun aya karasa téh cukup wé ku dibalur binahong jeung babadotan. Adug lajer tetempoan karonéng, leng… dunya karasa poék, jempling tingtrim leungit kasakit.
Jedug.. cangkéng katuhu karasa nyeri. Panon beunta. Geuning ngabadug sisi méja. Kénca katuhu ngariung loba jelema. Campuh parebut barang kawas nu kakara. Bari kukumpul pangacian, karasa nu tingjeletit leungit, pegel ngilang awak karasa seger. “Boa aing geus di surga?.. tapi pan aing lain jelema soléh. Ibadah gé belang betong” gerentes haté.
“Pih tos séhat ayeuna mah?… mamih ka tempat kudung heulanya” sora halimpu gigireun, dilieuk téh jikan jeung anak incu. Uing ngahuleng, unggeuk lalaunan.
Karasa ramo katuhu nyekel kertas leutik, tuluy diilikan. Geuning resép ti dokter subspésialis urusan panyakit jero. Dibaca diagnosis, uing téh katerap panyakit dulokaeuw (duit loba kabutuh euweuh). Ubarna ngan hiji, sedekah. (Akw).
Sodaqoh…👍👍👍…Beli bubur ke ciromed…abis libur morad mared…ha..ha..ha
LikeLike
Hahaha… yg penting jgn lupa sodaqoh
LikeLike
nambihan kosa kata baru …tingtrim,campuh,rumahuh sareng dulokaeuw…duit loba kabutuh euweuh…hyong pisan eta mah ngan ulah sampe katerap kasakit wae….penawarna seueur sodakoh…. htr nhn pa kabag tos ngeshare cerpon na…
LikeLike
Hatur lumayan pa Ino… abdi gé masih ngimpen hoyong dulokaeuh téh…
LikeLike
Aduh gan hoyong nya abdi oge ” dulokaeuw ” 😁😁😁
LikeLike
Sami pih….
LikeLike