Kolot Kalapa

Bari ngahuleng nungguan karéta, aya ideu ngajorélat. Teu seueur saur, langsung direcah bari bismillah.

Photo : Dokuing (dokuméntasi uing)

Keur ngahuleng nungguan karéta datang dina korsi panjang, teu eunggeuh aya nu bangir gigireun. Ngan karasa geter kahayang nyulusup na luhur kalbu, ngagilisir meulit jajantung. Méré jigrah mareuman amarah nu ngabebela tadi di lembur, basa Nyi Ijem ménta kapastian. Iraha rék tulus ka balé nyungcung méh pianakeun bisa ditulis saha bapana.

Lalaunan mélétét nempo nu rancunit, dibales imut bari neuteup geugeut. Teu loba carita jurus andalan dikaluarkeun, “Badé angkat kamana geulis?” “Ka Jakarta bah” Bah Juma gumasep, nyanghareupan nyi mojang nu matak uruy. Gancang mapatkeun jangjawokan. “Gampang jigana ieu mah yeuh!”

Keur husu bulak balik mapatkeun jampé pamaké,…. Jebréd!!! Bah Juma ngabangkieung, jangjawokan pabureuncay titingalian ranyay. Nyi mojang ngabedega.

Saacan kapiuhan kakuping soanten halimpu, “Dasar buhaya, geus bau taneuh lain tobat kalah ka kumat”

Tungtungna indit ka jakarta teu jadi sabab kareta datang pas keur kapiuhan. Beungeut béngo raga pasiksak, nyangsaya teu puguh rupa. Éra parada. (Akw).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

12 thoughts on “Kolot Kalapa”

  1. Hihihi…”sirgintini ratnakewong, kucuprak kuya ka darat, jambe jebag jambe jebug melaan anu kumisan ” fuaahhh ningali siahhh…..hahaha kedahna kitu jangjawokan nana Juragan

    Like

Leave a reply to Fey Cancel reply