Beuteung Kuuleun

(Fikmin) fiksimini sunda dumasar kana hal nyata tapi diropéa janten fiksi nu merenah, ceunah.

Photo : Dokumentasi pribados

Diuk nyanghareupan méja buleud di hotél agréng, asa jadi gegedén. Ngadéngékeun nu piligenti biantara bari teu ngarti naon nu diomongkeunna. Ma’lum teu gugur teu angin kudu diuk dina korsi jatah pangersa. Da uing mah ka batawi sotéh ukur nyupiran dunungan. Ari pék dina waktuna, dunungan nyingcet, uing dipelak ngaganti manéhna.
Teu loba nyarita kénca katuhu, ukur imut jeung sasalaman wè da bisi kapanggih rusiahna.

Kakara ngiluan acara kieu. Panghélokna mah acara panungtung nyaéta waktuna dahar. Meuni ripuh pisan, da dina méja pabalatak séndok, garpuh jeung péso aya sababaraha pasang. Asa mubajir, padahal mah maké leungeun wé. Dahar téh aya 3 sési, bubuka (appetizer), utama (main course) jeung panutup (desert). Nu nganteuran dahareun ngabring unggal sési. Dahareun nu teu warawuh, létah bingung beuteung ngaheneng. Tapi da lebar, dihabek wé sakabéhna. 

Alhamdulillah béak korédas, ngan hanjakal 1 jam ti harita, ongkék jeung muncrut di wésé hotél. Kaluar kabéh teu nyésa saeutik ogé. (Akw)

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

8 thoughts on “Beuteung Kuuleun”

  1. Ieu carita lain reka ropea estu asli sajalantrahna, ihwal laku lampah ilaharna anu mitembeyan hiru di alam metropolis. Jujur. Matak ngagelenyu, kayungyun.

    Like

Leave a comment